langit angkeub,
Poek tp teu mongkleng
Cur Hujan nu ngageyer ti subuh mula
Ngahudang rasa,
aya cai nu nyaclak.. Asin
Kakeueung nyaliara..
Akh, teu kudu diipikainget..komo diimpleng..

Kuring rek narima..
Pasrah..
Tujuh bulan deui.. Leupas..
Hiber ngawang-ngawang..
Teu ! Teu kudu make gondewa..
Teu kudu minangsaraya ka jelema
Nu hirupna diatur ku nu Ngayuga .
Nya ka Anjeun-Na Rek pasrah
Ka nu masihan hirup
Ka nu ngusik malikkeu hate
Kanu miara Dunya jeung pangesina..
Yakin..tanwande...
Kuring pasrah..
Hujan masih ngerecek..
Jalan becek...
Langit caang..
Hate..bray-brayan..
Duh,Gustii.. Caangkeun ieu hate..
Yakin poe ieu langit mol tungkeb..
Isuk-isuk di Pajaran
~Nama Pena Mutiara Bening~
Pelangi, 011211
By.Fatimah in Bandung
0 comments:
Post a Comment