Tug ka poe ieu anjeun kumalangkan
Na hate jeung biwir panon
Deudeuh teuing asing wening
Kaasih jeung kanyaah anjeun
Geus karasa..
Kateda nyangsang na sarining raga..
Puguh runggunuk dumukna..
Nu kiwari kari waasna
Mangsa lawas,nyacas..
Atrat na lelembutan..
Tapi wayahna...
Urang teundeun di handeuleum sieum..
Urang tunda di hanjuang siam.
Paranti nyokot ninggalkeun
Mangsa datang sampeur deui
Dimana urang geus sawawa sarta sadia
Pileuleuyan... Pileuleuyan.sapu nyere pegat simpay..
Urang paturay..
Nu tangtos patepang deui.
Hapunten abdi hapunten..
Samudaya kalepatan..
Insyaa Allaah taun payun urang patepang deui..
Cag, ah..

Neuteup lauk nu abring-abringan..
Rupana warna-warni..
Beureum,hideung,belang totol-totol. Bodas,koneng,abu,..
Taya nu parasea..
KABITA.. Ku kahirupan lauk nu keur diteuteup..
Layeut..ka ditu ka dieu babarengan..
Ras ka...
Akh...
Tong... Tong nyoreang ka tukang...
Tuh teuteup jalan di hareup...
Pilih !
Katuhu ?
Kenca ?
Tong..! Tong malire ka gigir...
Tong tanggah ka luhur...
Teuteup nu rek disanghareupan..
Nu kumalangkan na hate jeung biwir panon..
Tong dipirosea..
Nu karasa jeung kateda
Nu nyangsang na sarining raga
Nu puguh runggunukna..
Teundeun di handeuleum sieum
Tunda di hanjuang siam
Paranti nyokot ninggalkeun..
Mangsa lawas nu matak ngagagas
Kiwari nu aya ngan harepan
Mangsa datang
Mangsa kahayang...
Mugia Allaah masihan jaln..
Aamiin...
~Nama Pena Mutiara Bening~
By.Fatimah in Bandung
Btm,291211
0 comments:
Post a Comment